Kulawarga Pohoan
Dihiji Desa aya sakulawarga, nyaeta kulawarga Dudung, manehna boga istri
ngarana Enah jeung 2 anak awewe nyaeta Euis jeung Lilis. Eta kulawarga teh
kulawarga anu pohoan. Dina hiji poe si Euis di titah ku emana sinah nganteran
dahar ka abahna di sawah.
Ema : “Neng, geura
anteran yeuh dahar ka si abah.”
Euis : “Dimana ma?”
Ema : “Nya disawah
atuh neng.”
Euis : “Ari
geuning Euis teu mah teu apal si abah
mangkatna ma !!! ooh muhunnya ma
disawah,
Euis
teh hilap ma.”
Ema : “Tuda si abah
mah mangkatna ge tadi isuk – isuk keneh, nya da maneh mah can hudang –
hudang acan.”
Euis : “Oh paingan
neng teu apal.”
Ema : “Cik enggal
ah kaditu karunya tuh sih abahna bisi geus lapareun.”
Euis : “Muhun atuh
ma keheula sabar, eneng bade sibeunget heula.”
Ema : “Si awewe –
awewe jorok tara mandi, nya atuh enggalnya tuh rantangna aya didapur kade
Nyandakna anu belah kaler ulah
anu belah kidul mah kosong, ema arek ka
pasar heula.”
Euis : “Muhun ema
sayang.”
Teu
lila si Euis mangkat ka sawah, manehna salah mawa rantang, manehna kalah mawa
rantang anu kosong. Terus manehna poho arek kamana, abong – abong pohoan. Di
tengah jalan manehna ngahuleng bari ngobrol sorangan.
Euis : “Eleuh –
eleuh ari Euis teh ayeuna bade kamananya, naha Euis make mamawa rantang.”
Geus
satengah jam manehna ngahuleng didinya, teu lila manehna inget sangkat manehna
arek ka sawah.
Euis : “Oh enya
Euis teh arek ka sawah, arek nganteuran jang si abah.”
Ahirna manehna neruskeun perjalanana, teu lila manehna nepi ka sawah,
terus ngareureuwasan abahna.
Euis : “Abah ieu
neng mawa dahar jang abah.”
Abah : “Kulan,
enggal atuh kadieu neng abah meuni geus lapar yeuh.”
Euis : “Muhun bah
keheula eneng bade ka dinya.”
Abahna geus nungguan di saung, teu lila si Euis nepi ka dinya.
Abah : “Ari si eneng
kamana heula atuh, ku abah di tungguan tatadi, abah meuni geus kalaparan.”
Euis : “Eh abah puguh eneng teh hilap, tadi eneg
cicing heula di kebon da neng teh hilap bade
Kamana.”
Abah : “Eleuh –
eleuh si eneng aya kukituna.”
Euis : “Muhn
hampura atuhnya bah, yu ah cuang emam eneng ge atos lapar yeuh.”
Eta
rantang ku si Euis dibuka, ari pek dibuka teh rantangna kosong.
Euis : “Eleuh
abah naha rantangna kosong?”
Abah : “Naha atuh
make nanya ka abah, abah mah teu apal nanaon.”
Teu
lila emana datang jeung si Lilis sabari mawa rantang.
Ema : “Neng ari
maneh eta kumaha dih mawa rantang kosong, apanan tadi teh cek ema. Neng tuh
Rantangna aya didapur, kade mawana anu belah kaler da anu belah kidul
mah rantang
Kosong.”
Euis : “Ih iraha
ema ngomong kitu, asana henteu ma.”
Ema : “Ah bieung
lah boga anak parawan teh eweuh anu balener, anu hiji pohoan anu hiji deui
Oonna kabina – bina.”
Lilis : “Yeuh ma
Lilis jadi budak oon teh kudu bangga, ceuk si Entin ge da batur mah eweuh anu
Bogaeun sok..”
Ema : “Naha atuh
alloh nyiptakeun maraneh nurun ka abahna.”
Abah : “Eh si ema
meuni enak eta nyarios.”
Lilis : “Yeuh
abah da ari nyarios mah teu di emam nya jadi teu enak ih, lamun emam eta nembe
Enak.”
Abah : “Oh muhunnya
neng, naha abah nyarios kitu.”
Ema : “Atoslahnya
suang emam.”
Geus
beres dahar eta kulawarga balik bareng,
Sapanjang jalan ngabanyol bae. Teu lila babaturanna si Euis datang
nyaeta si Entin.
Entin : “Eh Euis
atos wangsul ti mana meuni ngarabring kitu.”
Euis : (ngahuleng
bari nginget – nginget manehna geus timana)
Entin : “Naha atuh
euis meuni siga nu bingung kitu.”
Euis : “Masalahna
mah Euis teh hilap atos timana.”
Lilis : “Ari si
teteh, apanan atos botram ti derang.”
Euis : “Oh muhun
tah atos ti serang.”
Entin : “Oh atuh
jreeng... entos ah cuang kabumi abu yu.!!!
Lilis jeung Euis : “Hayu... tapi sakedapnya..”
Entin : “ih
teulangkung etamah. Hahaha”
Budak
tulian eta langsung marangkat ka imahna si Entin, teu sabaraha lila maranehna
nepi ka imah entin. Eta budak duaan teh silih patanya.
Euis : “De ari
urang didieu ek naon.”
Lilis : “Oh
heeuhnya ek naon teteh sareng abi didieu.”
Entin : “Eh kalah
nanya deui geuningan dasar oon.”
Lilis : “Eh
puguh abimah oon kalah diomong oon, berarti nu ngomong belegug atuh hahaha..”
Euis : “Enggeus
– enggeus mending urang balik yu ah..”
Lilis : “Hayu..”
Teu lila Entin kaluar ti dapur bari mawa
dahareun.
Entin : “Eleuh
geuning eweuh sasaha euy... dasar kulawarga pohoan mah da kitu. Eleuh geuning
Urang
ngomong sorangan jiganu gelo.” (ngakakak seuri)
Teu
lila datang abahna si Entin anu kakara balik ti kebon.
Abahna Entin : “Eh tin, kunanon maneh seseurian sorangan.”
Entin : “Itu bah,
tadi si Euis jeung si Lilis kadieu, eh.. pas Entin keur mawa dahareun ka dapur
eta
Budak
duaan geus teu aya, dasar kulawarga pohoan.”
Abahna Entin : “Geus lah keun be kulawarga batur ieuh, oh
enya yeuh aya rambutan keur maneh
Tadi abah kakara ngala ti kebon.”
Entin : “Cius bah
ieu rambutan kangge Entin? Ah abah teh
bisa wae, puguh entin teh hayang
Rambutan ti kamari. Thank you nya
bah.”
Abahna Entin : “Lah maneh ngomong naon dih. Abah mah teu
ngarti bahasa maneh.”
Entin : “Eeeh ari
si abah, eta teh bahasa gaul atuh bah, bahasa budak jaman ayeuna, budak
Saumuran abahmah moal ngarti
bahasa anu siga kitu.”
Abahna Entin : “Enya da budak jaman ayeunamah. Geus lah tong
di bahas deui abah arek sare
Heula.”
Entin : “Enya
sing tibranya bah, Entin bade ngeuman rambutan heula bari ningali AA Unyuk..
AA
UNYUK I’M COMING!!!!
blognya keren @_@
BalasHapusKeren!!!!
BalasHapusizin copy kanggo drama disakola :D
Blognya keren!!! (y) izin copy ELF.. ;)
BalasHapuskerennnnnnn ,, izin menyalin
BalasHapusMantep lah (y) izin menyalin buat tugas SBK
BalasHapus