Sabtu, 09 Maret 2013

Naskah Drama Bahasa Sunda - KULAWARGA POHOAN


                                            Kulawarga Pohoan      
                  Dihiji Desa aya sakulawarga, nyaeta kulawarga Dudung, manehna boga istri ngarana Enah jeung 2 anak awewe nyaeta Euis jeung Lilis. Eta kulawarga teh kulawarga anu pohoan. Dina hiji poe si Euis di titah ku emana sinah nganteran dahar ka abahna di sawah.
Ema    : “Neng, geura anteran yeuh dahar ka si abah.”
Euis    : “Dimana ma?”
Ema    : “Nya disawah atuh neng.”
Euis     : “Ari geuning Euis teu  mah teu apal si abah mangkatna ma !!! ooh muhunnya  ma disawah,
                Euis teh hilap ma.”
Ema    : “Tuda si abah mah mangkatna ge tadi isuk – isuk keneh, nya da maneh mah can hudang – 
                 hudang  acan.”
Euis     : “Oh paingan neng teu apal.”
Ema    : “Cik enggal ah kaditu karunya tuh sih abahna bisi geus lapareun.”
Euis     : “Muhun atuh ma keheula sabar, eneng bade sibeunget heula.”
Ema    : “Si awewe – awewe jorok tara mandi, nya atuh enggalnya tuh rantangna aya didapur kade
                Nyandakna anu belah kaler  ulah anu belah kidul mah kosong,  ema arek ka pasar heula.”
Euis     : “Muhun ema sayang.”
                 Teu lila si Euis mangkat ka sawah, manehna salah mawa rantang, manehna kalah mawa rantang anu kosong. Terus manehna poho arek kamana, abong – abong pohoan. Di tengah jalan manehna ngahuleng bari ngobrol sorangan.
Euis     : “Eleuh – eleuh ari Euis teh ayeuna bade kamananya, naha Euis make mamawa rantang.”
                 Geus satengah jam manehna ngahuleng didinya, teu lila manehna inget sangkat manehna arek ka sawah.
Euis     : “Oh enya Euis teh arek ka sawah, arek nganteuran jang si abah.”
                  Ahirna manehna neruskeun perjalanana, teu lila manehna nepi ka sawah, terus ngareureuwasan abahna.
Euis     : “Abah ieu neng mawa dahar jang abah.”
Abah   : “Kulan, enggal atuh kadieu neng abah meuni geus lapar yeuh.”
Euis     : “Muhun bah keheula eneng bade ka dinya.”  
                   Abahna geus nungguan di saung, teu lila si Euis nepi ka dinya.
Abah   : “Ari si eneng kamana heula atuh, ku abah di tungguan tatadi, abah meuni geus kalaparan.”
Euis     : “Eh abah puguh eneng teh hilap, tadi eneg cicing heula di kebon da neng teh hilap bade
                Kamana.”
Abah    : “Eleuh – eleuh si eneng aya kukituna.”
Euis      : “Muhn hampura atuhnya bah, yu ah cuang emam eneng ge atos lapar yeuh.”
                 Eta rantang ku si Euis dibuka, ari pek dibuka teh rantangna kosong.
Euis      : “Eleuh abah naha rantangna kosong?”
Abah    : “Naha atuh make nanya ka abah, abah mah teu apal nanaon.”
                 Teu lila emana datang jeung si Lilis sabari mawa rantang.
Ema     : “Neng ari maneh eta kumaha dih mawa rantang kosong, apanan tadi teh cek ema. Neng  tuh
                  Rantangna aya didapur, kade mawana anu belah kaler da anu belah kidul mah rantang
                  Kosong.”
Euis      : “Ih iraha ema ngomong kitu, asana henteu ma.”
Ema      : “Ah bieung lah boga anak parawan teh eweuh anu balener, anu hiji pohoan anu hiji deui
                  Oonna kabina – bina.”
Lilis       : “Yeuh ma Lilis jadi budak oon teh kudu bangga, ceuk si Entin ge da batur mah eweuh anu
                  Bogaeun sok..”
Ema      : “Naha atuh alloh nyiptakeun maraneh nurun ka abahna.”
Abah    : “Eh si ema meuni enak eta nyarios.”
Lilis       : “Yeuh abah da ari nyarios mah teu di emam nya jadi teu enak ih, lamun emam eta nembe
                 Enak.”
Abah    : “Oh muhunnya neng, naha abah nyarios kitu.”
Ema     : “Atoslahnya suang emam.”
               Geus beres dahar eta kulawarga balik bareng,  Sapanjang jalan ngabanyol bae. Teu lila babaturanna si Euis datang nyaeta si Entin.
Entin    : “Eh Euis atos wangsul ti mana meuni ngarabring kitu.”
Euis      : (ngahuleng bari nginget – nginget manehna geus timana)
Entin    : “Naha atuh euis meuni siga nu bingung kitu.”
Euis      : “Masalahna mah Euis teh hilap atos timana.”
Lilis       : “Ari si teteh, apanan atos botram ti derang.”
Euis      : “Oh muhun tah atos ti serang.”
Entin    : “Oh atuh jreeng... entos ah cuang kabumi abu yu.!!!
Lilis jeung Euis : “Hayu... tapi sakedapnya..”
Entin    : “ih teulangkung etamah. Hahaha”
               Budak tulian eta langsung marangkat ka imahna si Entin, teu sabaraha lila maranehna nepi ka imah entin. Eta budak duaan teh silih patanya.
Euis      : “De ari urang didieu ek naon.”
Lilis       : “Oh heeuhnya ek naon teteh sareng abi didieu.”
Entin     : “Eh kalah nanya deui geuningan dasar oon.”
Lilis       : “Eh puguh abimah oon kalah diomong oon, berarti nu ngomong belegug atuh hahaha..”
Euis       : “Enggeus – enggeus mending urang balik yu ah..”
Lilis       : “Hayu..”
                Teu lila Entin kaluar ti dapur bari mawa dahareun.
Entin    : “Eleuh geuning eweuh sasaha euy... dasar kulawarga pohoan mah da kitu. Eleuh geuning
                 Urang ngomong sorangan jiganu gelo.” (ngakakak seuri)
                  Teu lila datang abahna si Entin anu kakara balik ti kebon.
Abahna Entin : “Eh tin, kunanon maneh seseurian sorangan.”
Entin    : “Itu bah, tadi si Euis jeung si Lilis kadieu, eh.. pas Entin keur mawa dahareun ka dapur eta
                Budak duaan geus teu aya, dasar kulawarga pohoan.”
Abahna Entin : “Geus lah keun be kulawarga batur ieuh, oh enya yeuh aya rambutan keur maneh
                              Tadi abah kakara ngala ti kebon.”
Entin     : “Cius bah ieu rambutan  kangge Entin? Ah abah teh bisa wae, puguh entin teh hayang
                   Rambutan ti kamari. Thank  you nya bah.”
Abahna Entin : “Lah maneh ngomong naon dih. Abah mah teu ngarti bahasa maneh.”
Entin     : “Eeeh ari si abah, eta teh bahasa gaul atuh bah, bahasa budak jaman ayeuna, budak
                     Saumuran abahmah moal ngarti bahasa anu siga kitu.”
Abahna Entin : “Enya da budak jaman ayeunamah. Geus lah tong di bahas deui abah arek sare
                            Heula.”
Entin      : “Enya sing tibranya bah, Entin bade ngeuman rambutan heula bari ningali AA Unyuk..
                    AA UNYUK I’M COMING!!!!
                                                              

5 komentar: